Text
JURUTULIS MALIMPING
Jurutulis Malingping (diheureuykeun ku rahayat jadi “maling pingping”, ngaran kawadanan sikluk di pakidulan Banten) nyaritakeun cacah nu unggah darajat jadi ménak lantaran kawin ka randa kolot wargina istri Bendara Wadana Pangsiun. Ngaran sabenerna mah Suradi, bujang ngora kukutan Bendara Wadana basa ngemban tugas di Luragung. Ku jalan pitulung Wadana Pangsiun, Ki Suradi bisa digawé di kantor Kawadanan, najan mimitina ngan sakadar bunta-bantu jeung sok ditutah-titah tapi ahirna tinekanan jadi jurutulis wadana. Ngan hanjakal adatna jadi pindah peleumpangan, angkuh jeung sok matut-matut manéh nganggap dirina “ménak tulén”. Situasi jaman saméméh perang nu jadi kasang tukang ieu carita digambarkeun kalayan hirup ku pangarangna.
Tidak ada salinan data
Tidak tersedia versi lain