Text
Carita Sarebu Samalem: Palika Jeung Jin
Palika jeung Jin teh salah sahiji bagian tina runtuyan Carita Sarebu Samalem. Sungapanna mah tangtuna ge ti ditu. ti Tanah Arab, anu disebut Alf Layla wa Layla atawa anu cek bangsa inggris tea mah Arabian Nights. Ngocorna ka lembur urang, epi ka milu ngabeungharan sastra sunda, eta teh hasil gawe rancage mohamad Ambri (1892-1936), pangarang sunda anu kawentar tea. Ku Mabri ieu crita klasik anu kamshur teh disaluyukeun jeung jatining batin urang Sunda, pangpangna mah basa wawacan masih keneh dipikaresep ku balarea, nepi ka genah dibacana.
Demi eusining caritana kacida beungharna, pirang-pirang lalakon anu araheng. Rea anu mangrupa carita dina carita alias cerita berbingkai atawa frame tales tea. Lain ngan saukur panglipur kalbu nu marungkawut, pangbeberah manah anu keur susah. Ieu mah runtuyan carita anu rea pulukaneunana, sarupaning dongeng-dongeng pieunteungeun. Nu mikaresepna kolot budak, lalaki awewe, di unggal jaman jeung patempatan
| B0005402 | 819 AMB p | Perpus PUSDAI | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain